-->

Header Menu

HARIAN 60 MENIT | BAROMETER JAWA BARAT
Cari Berita

60Menit.co.id

Advertisement


Luhung Geuning Sunda Teh

60menit.com
Kamis, 22 Agustus 2019

60Menit.com - *Poto istimewa Humaskotbdg

BANDUNG, 60MENIT.COM - Luhung geuning Sunda téh. Harti kecapna ogé kacida alusna. Kecap Sunda téh (saperti pernah disebutkeun Rouffaer taun 1905) asalna tina kecap sund atawa suddha tina bahasa Sangsekerta nu ngandung harti méré cahya, caang, beresih, suci, murni, teu aya cela, atawa bodas.

Suku Sunda téh kelompok étnis anu asal jeung sumebarna di wewengkon kulon Pulo Jawa. Katelah Tatar Sunda atawa Pasundan. Nyangkup wilayah administrasi Provinsi Jawa Barat, Banten, Jakarta, Lampung sarta wilayah kulon Jawa Tengah (Banyumasan).

Suku Sunda mangrupakeun étnis panggedéna kadua di Indonesia. Sakurang-kurangna aya 15,2% penduduk Indonesia téh urang Sunda. Lamun Suku Banten dikatégorikeun sub Suku Sunda, mangka 17,8% penduduk Indonesia téh urang Sunda.

Budaya Sunda nyaéta budaya anu hirup ti jeung di masyarakat Sunda. Budaya Sunda kasohor ngajungjung luhur sopan santun. Umumna, karakter urang Sunda nyaéta hararadé, balageur, soméah, jeung hurmat pisan ka nu leuwih kolot.

Karakter ieu geus aya ti baheulana. Ti zaman Karajaan Salakanagara, Karajaan Tarumanagara, Karajaan Galuh, Karajaan Pajajaran tug nepi ka ayeuna.

Loba pisan ajaran tina budaya Sunda pikeun jalan nuju kahirupan anu hadé. Kabudayan Sunda téh salah sahiji kabudayan anu jadi sumber kakayaan kabudayaan bangsa Indonesia anu kudu dilestarikeun.

Kabudayaan Sunda ngabogaan ciri mandiri anu ngabédakeun jeung kabudayaan-kabudayaan nu séjén. Umumna, masyarakat Sunda kasohor deudeuhan sanajan resep heureuy.

Ciri ieu anu ngajadikeun cekelan urang Sunda nu silih asih, silih asah, silih asuh. Éta sababna urang Sunda ngutamakeun sipat anu welas asih, saling mamagahan, babagi, jeung saling ngalindungan ka sasama.

Budaya Sunda ogé ngabogaan kasenian nu mandiri, di antarana wayang golék, debus, kuda lumping, tarian Sunda, jaipongan, kasenian sisingaan, kaulinan barudak. Ogé boga alat musik khas nu sok ditabeuh dina pagelaran kasenian Sunda.

Alat musik Sunda nyaéta angklung, kendang, suling, kacapi, goong, calung jeung angklung. Malahan, angklung geus dijadikeun salah sahiji warisan kabudayaan indonesia.

(Zho)